KAHADEAN HARGANA TEU KALINTANG KU BENDA
Rengse sakola. Irwan jeng Daus balik ka imahna nu sewang-sewangan tapi imahna tatanggaan. Daus geus teu tahan terus manehna ngompol dihandapeun tangkal kai gede.
Daus : wan urang ngompol hela nya geus teu tahan yeuh!
Irwan : nya gewatkeun ke indung urang nyarekan geura da urang balikna telat.!
Daus : nya he’eh. Cerewed pisan indung maneh nya. Ha…ha….!
sangges kitu irwan manggih hiji barang di deket tangkal buah.
Irwan : naon eta nya? Rongsokan jiganamah. Lumayan kan ke bias di jual ka si daus. Hehe!
Sangges kitu daus nyusul ka irwan.
Daus : naon eta? loket? Loket saha? Dimana maneh manggihna? Iraha menangna? Oh.. maneh maling nya!!!!
Irwan : naon si maneh ih . nanyana hiji-hiji gera. Bingung urang ngajawabna! Urang manggih loket didieu. Urangge teu nyaho ieu loket saha??. Urang muka ge acan!
Daus : buka atuh gewatkeun loketna!
Irwan : nya ke sakedeng!
Irwan jeng daus: waaaaaaawh. Aya duitna !!
Irwan : aya KTP na alias Kartu Tanda Pelajar!
Daus : enya. sigana KTP nu boga loket ieu!
Irwan : nya alamatna jigana teu jauh tidieu yu urang balikeun!
Daus : ulah lah! Jang naon dibalikeun ge euweuh untungna jang urang! Mending urang pake bae duitna! Bagi dua be kumaha?
Irwan : embung ah. Gelo maneh mah. Eta teh dosa! Kumaha lamun nu boga dompet keur bingung neangan dompetna?
Daus : ngefek emang jang urang!! Titah saha taledor? Salahna ieuh! Dompet ieu kan geus jadi milik urang jadi pake be duitna!
Irwan : enya nya. Bagi dua be atuh duitna! Geus balik yu!
Terus irwan jeng daus balik ka imahna sewing-sewangan. Teu lila daus dating ka imah Irwan.
Rek ngajak irwan ulin.
Daus : irwan, irwan ulin yu!
Uswan : eh aya daus! Lebet de! Irwan na nuju di piwarang bapana ngerjakeun PR hela nembe wios ameng!
Daus : hun mang. nuhunya.
Uswan : daus bade ngaleueut naon? Ke ku aang pangadamelkeun!
Daus : teu kedah mang. Ke ngarepotkeun!
Uswan : henteu. Ngan ngadamel cai. Kecuali lamun emang piwarang ngerjakeun PR anjeun kakara ngarepotkeun
Daus : hahahaha emang mah tiasa bae. Jus stroberi be mang!
Uswan : oh uhun antosan sakedap nya!
terus dating bapana Irwan ngomong jeung daus.
Iday : eh aya daus.
Daus : hun mang. Kumaha damang?
Iday : Alhamdulillah.bade ngajak irwan ameng nya?
Daus : mmm hun mang. Mang abdi wios naros teu?
Iday : wios bade naros naon?
Daus : kunaonirwan ngerjakeun PR na ayena kan wengi ge tiasa!
Iday : hun sih. Tapi mun wengi irwan na sok kaboboan jadina repot be!
Daus : oh kitu nya mang. Hun antosan be atuh hela sakedap nya!
Iday : hun sok!
Uswan : Daus ieu caina.
Daus : hun mang!
Uswan : bapak teu kumpulan dih ayena ?
Iday : eh uhun aduh dugi ka hilap kusabab nyarios jeung daus bae.
Teu lila.
Daus : si irwan lila pisan ngerjakeun PR na urangge ngerjakeun teu satengah-satengah jam acan.
Irwan : eh maaf nya lila? PR na loba pisan!
(bari lempang ka hareupeun imah)
daus : ges ulah loba alesan ngomong be hese PRna da otask manehmah Pentium hiji!
Irwan : ah ken bae masalah jang maneh.
Diharepen imah irwan jeng daus rek ngabagi duitnu tadi menag manggih.
Daus : gewat ih lila pisan!
Irwan : enya eusina aya 800 rebu mun dibagi dua berarti 400 rebu ewang tapi aya ATM na deui kumaha??
Daus : keun be teu penting!
teu lila aya ipin dating ka imah irwan. (babaturana lanceuk irwan)
Ipin : eh aya irwan jeung daus. Ker naon? Biasana mah sok nguseup. Eta naon? Duiit saha??
Daus : duit abi!
Ipin : teu mungkin. Maraneh masih leutik keneh. Maenya kolot mere duit saloba kitu! Ku emang rek ditanyakeun ka usman nya?
Irwan : ieu duit menang manggih di jalan.
Ipin : terus kunaon dibagikeun kieu?
Irwan : daus nu nitah mang.
Ipin : dieu gera nempo (bari mariksa dompet eta) ieu aya Kartu Tanda Pelajar na. kan bias ditempo alamatna. Tuh teu jauh alamatna tidieu!
Irwan : tadi mah bade di balikeun ku Irwan. Tapi cek Daus titah ulah.
Ipin : gening kitu? Ulah kitu. Eta ngarana ngadahar hak batur
Irwan : abi ge tos nyarios ka daus tapi cenah salah saha taledor.
Ipin : kusabab kitu balikeun deui dompetna terus bejaan ulah taledor. Jadikeun eta palajaran keur manehna sangkan ulah taledor
Daus : maaf mang abi teu sadar.
Irwan : yu urang balikeun deui dompetna kanu bogana!
Terus dau jeng irwan dating ka imah nu boga dompet rek malikeun dompetna.
Daus : ASSALAMU’ALAIKUM.
Anan : WAALAIKUMSALLAM. Saha?
Daus : leres ieu bumina anan nasti
Anan : hun leres aya naon nya? Ieu sahanya?
Irwan : abdi irwan ieu rerencangan abdi daus. Abdi bade ngauihkeun dompet ieu.
Anan : dompet ? antosan sakedap bade di cek hela. Mangga lebet!
Anan asup ka kamerna rek mariksa dompetna. daus jeng irwan mah diuk bari merhatikeun eusi imah.
Anan : oh uhun dompet abi ical hatur nuhun tos di uihkeun. Aranjen mah mani bageur!.
Daus : ah etamah tos kawajiban abdi.
Irwan : nya uhun
Anan : sakali deui hatur nuhun nya.
Irwan dan daus : nya. Sami sami!
Sangges kitu terus irwan jeng daus balik ka imah na masing-masing.
0 komentar:
Posting Komentar